Online Bible

- Reklamy -

BILANGAN 1 - KITAB SUCI


Cacah jiwa Israil anu mimiti

1 Dina tanggal hiji bulan kadua, taun kadua ti sanggeus urang Israil budal ti Mesir, Pangeran nimbalan ka Musa ti Kemah Tepangana-Na di Gurun Keusik Sinai. Timbalana-Na,

2-3 ”Maneh jeung Harun kudu nyacahkeun urang Israil, nurutkeun kaom jeung wargana masing-masing. Anu geus meujeuhna jadi prajurit, nya eta anu umurna ti semet dua puluh taun ka luhur, kabeh catet ngaranna.

4 Menta dibantu ku kapala ti unggal kaom.”

5-16 Ieu ngaran-ngaranna anu jaradi kapala kaom masing-masing anu dihiras ngabantu Musa jeung Harun: Kaom Kapala Rubin Elisur bin Sedeur Simeon Selumiel bin Surisaday Yuda Nahson bin Aminadab Isaskar Netanel bin Suar Sebulun Eliab bin Helon Epraim Elisama bin Amihud Menase Gamaliel bin Pedasur Binyamin Abidan bin Gidoni Dan Ahieser bin Amisaday Aser Pegiel bin Okran Gad Elisap bin Rehuel Naptali Ahira bin Enan


Kaom Kapala

17 Dibantu ku ieu dua welas urang, Musa jeung Harun

18 dina tanggal hiji bulan kadua ngumpulkeun jelema, didaptarkeun nurutkeun rundayan jeung wargana. Sakur anu umurna dua puluh taun ka luhur diitung jeung dicatetkeun ngaranna,

19 sakumaha timbalan Pangeran. Didaptarkeunana ku Musa di Gurun Keusik Sinai.

20-46 Kabeh sakur anu umurna geus dua puluh taun atawa leuwih, anu pantes jadi prajurit, ngaranna dicatet nurutkeun kaom jeung wargana, mimiti ti kaom Rubin, putra Yakub anu cikal. Pareleanana kieu: Kaom Jumlah Rubin 46.500 urang Simeon 59.300 urang Gad 45.650 urang Yuda 74.600 urang Isaskar 54.400 urang Sebulun 57.400 urang Epraim 40.500 urang Menase 32.200 urang Binyamin 35.400 urang Dan 62.700 urang Aser 41.500 urang Naptali 53.400 urang Jumlah 603.550 urang


Kaom Jumlah

47 Kaom Lewi henteu bareng didaptarkeun jeung kaom-kaom sejen.

48 Sabab kieu timbalan Pangeran ka Musa,

49 ”Waktu nyacahkeun anu geus meujeuhna dijieun prajurit, kaom Lewi ulah diasupkeun.

50 Kaom Lewi mah sina ngurus Kemah Tepangan jeung parabotna, purah ngagotong Kemah Tepangan saparabotna katut purah ngalalayananana. Pakemahanana oge kudu sakuriling eta.

51 Upama maraneh pindah, anu ngaruag Kemah Tepangan jeung masangna deui di pasanggrahan anyar kudu kaom Lewi. Anu sejen, saha bae anu wani deukeut-deukeut ka Kemah Tepangan kudu dipaehan.

52 Urang Israil anu lianna, pakemahanana kudu nurutkeun kumbuhanana masing-masing, unggal kumbuhan boga umbul-umbul sorangan, kapalana saurang.

53 Kemah kaom Lewi kudu ngurilingan Kemah Tepangan, pikeun ngajaga nu sejen ulah deukeut-deukeut ka dinya, bisi urang Israil disamber ku bebendu Kami.”

54 Seug urang Israil ngalampahkeun sakumaha timbalan Pangeran ka Musa tea.

Následuj nás:



Reklamy